Sunan Gunung Jati

 

Sunan Gunung Jati





Anu mimiti ngawuruk agama Islam di Cirebon, jenenganana geus kakoncara ka mana-mana, nyaéta Syéh Murdin Ibrahim Ibnu Maulana Israil, anu sok disebut ogé Syéh Maulana Hidayatulloh. Ari nelahna ayeuna wawangina Sunan Gunung Jati. Nurutkeun Babad Cirebon, ibuna Sunan Gunung Jati téh turunan Raja Pajajaran. Kieu dongéngna.

Raja Pajajaran kagungan prameswari, putri asal ti tanah sabrang. Ti éta putri Raja Pajajaran téh gaduh putra tilu. Cikalna jenenganana Raja Cakra Buana. Nu panengah jujulukna Raja Lengara. Ari nu bungsuna wawangina Nyi Dalem Santang, ibuna Sunan Gunung Jati téa.

Dina hiji mangsa Nyi Dalem Santang téh dicandak jarah ku rakana anu cikal ka pajaratan Kangjeng Nabi di Madinah. Ti dinya tuluy ka Mekah. Barang sumping ka Mekah, Nyi Putri téh katingali ku Raja Baniisrail, tuluy dipundut rék didamel praméswari. Nyi Dalem Santang kersaeun, tapi aya pamundutria.

"Mangga abdi jantenkeun prameswari. Namung saupami gaduh putra lalaki. Mugi dijantenkeun wali agung, anu engkéna bakal ngislamkeun urang Pulo Jawa," kitu saur Nyi Dalem Santang téh. Éta pamundutna téh ku Raja Baniisrail disanggupan. Harita kénéh Nyi Dalem dilandi jenenganana jadi Saripah Modaim, sarta tuluy ditikah di Mekah.

Dina bulan Sapar taun 795 Hijriah, Saripah Modaim babar. Putrana pameget mulus, sarta dipaparinan jenengan Hidayat Sarip, anu engkéna jadi Sunan Gunung Jati téa.

Ujaring carita, Sunan Gunung Jati téh kagurnita waspada permana tingal, weruh sadurung winarah. Bisa nganjang ka pagéto, bisa apal naon nu bakal kajadian engké jaga. Anjeunna ogé tukang ngalalana. Malah kakocapkeun réa nagara nu geus kasaba ku anjeunna. Kungsi deuih nganjang ka Nagri Tiongkok. Di Tiongkok anjeunna didoja ku raja.

Kangjeng Raja nyaur putrana, hiji putri. Nyi putri dipiwarang nganggo papakéan jeung didangdanan cara nu keur kakandungan. Ti dinya Sunan Gunung Jati disaur, ditimbalan norah, naon kasawat éta putri. Ku Sunan Gunung Jati diwaler yén éta putri téh nuju bobot. Malah kakandunganana téh geus bulan alaeun.

Kangjeng Raja bendu lain dikieuna. Harita kénéh Sunan Gunung Jati téh diusir, teu meunang aya di Nagri Tiongkok. Ti dinya Sunan Gunung Jati tuluy balayar ka Pulo Jawa, sarta tuluy ngababakan di Cirebon.

Kersaning Nu Kawasa, Nyi Putri téh bobot enyaan. Ramana ngaraos lingsem taya papadana, sarta pohara benduna ka putrana. Raja tuluy nyaur abdina nu dipercaya, sina malidkeun Nyi Putri ka laut dina parahu. Léong baé putri téh dipalidkeun.

Kersaning Gusti Alloh, sanggeusna éta parahu manglawas-lawas angkleung-angkleungan di sagara, bet kaombakkeun ka basisir hiji pulo. Tuluy putri téh hanjat ka darat, langgéor angkat, jog anjog ka hiji lembur. Na ari gok téh patepung jeung jalma anu harita norah anjeunna téa, Sunan Gunung Jati.

Singhoréng éta parahu téh kapalidkeun ombak ka basisir Tanah Cire bon. Ti dinya Nyi Putri téh tuluy dijadikeun geureuha ku Sunan Gunung Jati.

(Diraéh tina buku Sekar Aosan, dikaluarkeun ku Penerbit Taraté Bandung. 1957)

Tags

Posting Komentar

0 Komentar
* Please Don't Spam Here. All the Comments are Reviewed by Admin.

Top Post Ad

Below Post Ad